BLOG INI DI KHUSUS BERBAHASA SUNDA BAGI YANG MAU MEMPELAJARI BAHASA SUNDA BISA BELAJAR BERSAMA-SAMA,DAN BLOG INI HANYA PEMBELAJARAN TUGAS MATA KULIAH DIFUSI INOVASI BERBASIS ON-LINE

WAKTU

Senin, 18 April 2011

Seni Sunda Dina Jaman Kiwari

Kudu ngindung kawaktu kudu mibapa kajaman eta teh paribasa kolot baheula pikeun urang nu masih jauh keneh kumelendang dialam dunya, Dina harti urang teh kudu bisa nyesuaikeun parobahan parobahan nu baris disanghareupan boh parobahan seni,budaya,teknologi atawa parobahan sikap jeng prilaku manusa dina mangsa

kiwari,ayeuna geus tembong paribasa kolot teh ngabukti kalawan nyata yen engke mah mun rek ngomong jeung nu jauh atawa ngirim surat teu kudu ngadagoan lila bakal tereh jaman engke mah jalma teh bakal ngaromong sorangan boh dijalan boh diimah anteng ku cocooana.
Eta caritaan kolot kabuktikeun ayeuna yen jaman ayeuna man geus sagala gampang rek kukumaha sarwa instan gancang pisan tinggal urangna bisa henteu na ngamangpaatkeun teknologi nu geus sarwa canggih,kitu deui media media nu sakitu pabalatakna boh media elektronik atawa mendia cetak ngabantu urang pikeun ngagampangkeun neangan informasi.
Anu seja di kapayunkeun ayeuna perkawis kabudayaan sunda khususna kasenian sunda anu meh leungit dina jaman kiwari kunaon?,eta pertanyaan anu aya dina jero hate kuring,na kunaon kasenian sunda bet henteu nyambuang?, kunaon kasenian sunda teu dipiminat ku kaom rumaja? .Didieu urang sami sami babarengan ngemutan, padahal kasenian jeng teknologi di kolaborasikeun tinangtuna bakal luyu bakal kadorong ku ayana teknologi komo ayeuna loba pisan media anu ngabuka sing saha nu baris minton keun kasenian derahna sok diteangan geuning dina televisi  sok aya acara ngaguar budaya disakuliah indonesia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar